SI CINOT MEUNANG HADIAH
Beurang-beurang
si Cinot jajan ka warung ceu Ijah, sabari riweh ngagegero ceu Ijah.
Cinot : ”Ceu ijah, ceu ijah, meuli.. ceu ijah, ceu ijah...
urang arek meuli!”
(Sabari gugurutu
nyampeurkeun si Cinot)
Ceu Ijah : ”Aya naon cinot? Meuni gandeng gogorowokan kitu, eceu teh
ker
ngumbahan”
Cinot : ”Jeuh ceu ijah kumaha sih, pan urang arek meuli”
Ceu Ijah : ”Sok atuh arek meuli naon?”
Cinot : ”Iyeu tah, urang arek meuli iyeu, ciki Jaka, iyeu
duitna”
Ceu Ijah : ”Euleuh... si cinot teh! Ges
gogorowokan, meulina nang gope”
Di imah, bapa
jeung emana si cinot keur nyihaneut sabari kikipas, bapana keur nyuruput kopi.
Bapa : ”Adeuh...
beurang-beurang kieu mani ngenah nyuruput kopi jeung ngadahar
goreng
cau”
Ema : ”Heuh... saha
tea atuh nu nyieunna ge ema...”
Bapa : ”Atuh heuh..
pamajikan bapa mah pangbageurna” (sabari noel)
Ema :
”Ih apa mah genit, culak colek wae!”
Si cinot nu
tos ti warung lulumpatan sabari gogorowokan di hareupeun imahna, meuni kadenge
ka tukangeun imahna.
Cinot : ”Ema..ema, bapa..ka dieu geura, cinot meunang
hadiah!”
Ngadenge sora
si cinot, bapa anu keur nyuruput kopi mani kaget, nepi nyemburkeun kopi anu di
inumna.
Bapa : ”Ma, coh eta si cinot sampeurkeun, mani gogorowokan
kitu!”
Ema : ”Nyaho tah si cinot, aya naon boa?” (Bari
nyamperkeun si cinot)
Ema : ”Aya naon sih cinot, mani gogorowokan kitu?”
Cinot : ”Ma! Cinot meunang hadiah mobil.. tuh tingali gera
ma!”
Ema : ”Anu bener cinot?! Ulah ngabohong maneh, coba dieu
ema ningali”
Cinot : ”Yeuh.... ma!” (Emana kageteun)
Ema : ”Jeuh, enya bener! Ya alloh cinot, maneh menang ti
mana?”
Cinot : ”Meunang tina ciki ma”
Sabari menerkeun
sarungna, bapa nyampeurkeun
Bapa : ”Aya naon sih?, mani riweh duaan ge”
Ema : ”Yeuh pa si cinot meunang hadiah mobil!”
Bapa : ”Ahh.. bapa mah teu percaya nu kikituan, coba bapa
ningali heula kertasna”
Cinot : ”Yeuh pa...”
Ema : ”Tuh pa... aya nomer teleponna, urang telepon
heula weh!”
Bapa : ”Pan urang teh teu boga telepon, jeng deui ulah
pati dipercaya, eta mah ngan
saukur bobodoan ”
Cinot : ”Ih bapa mah, ceurik da cinot mah, mun teu ditukerkeun jeung mobil”
Bapa : ”Atuh kumaha cinot?? pan urang mah teu boga
telepon”
Cinot : ”Ema... si bapa tuh!”
Ema : ”Tos weh kieu, urang nambut teleponna pa lurah
weh, bari wartoskeun urang
teh meunang hadiah”
Cinot :”Hayu
atuh buru, urang ka pa lurah”
Bapa, ema,
jeung cinot ka imahna pa lurah
Bapa : ”Assalammualaikum..
pa lurah”
Pa Lurah : ”Wa’alaikumsalam, eh mang enday, ceu nengsih, aya naon?”
Bapa : ”Kieu pa
lurah.., tadi si cinot meunang hadiah mobil tina ciki Jaka, terus tadi
teh cek si
Cinot di piwarang nelepon ka nomer anu dicateut dina kertas ieu,
tapina abdi teh
teu gaduh teleponna, kumaha nya pa lurah?”
Pa Lurah : ”Oh kieu weh, urang telepon nganggo HP abdi wae atuh
nyah...?”
Bapa :
”Oh enya atuh, sae kitu na mah... hatur nuhun pa lurah”
Bapa nuju
nelepon
Bapa : ”Assalamualaikum”
Agen : ”Wa’alaikumsalam,
punteun sareng saha ieu?”
Bapa : ”Iyeu abdi
enday, abdi bade naroskeun, pan anak abdi meser ciki Jaka,
dilebetna
teh aya bacaan meunang hadiah mobil, kumaha tah pa?”
Agen : ”Oh muhun, kieu
weh.. pa ayeuna bapa transfer acis weh 10 juta ka nomer
rekening nu aya di dinya, engke kaping 30 mobilna dijajapkeun ka alamat bumi bapa”
Bapa : ”10 juta?
Alamat abdi di kp.cikoneng rt.1 rw.2 no.3”
Agen : ”Muhun pa,
diantos acisna, ngke hadiahna dikirim ka alamat bapa”
Bapa : ”Muhun pa,
ngke abdi badami heula nya....”
Agen : ”Nya kitu wae
nya pa, assalamualikum”
Bapa : ”Wa’alaikumsalam”
Bapa nutup
teleponna
Bapa : ”Pa lurah abdi
tadi atos nelepon agenna, ceunah saur agenna kanggo nebus
hadiahna, abdi
kedah ngirim artos 10 juta ka parusahaan cikina, ngke nembe
hadiahna dikirim
kaping 30, pami saur pa lurah kumaha?”
Pa lurah : ”Nya entos atuh, eta mah kumaha mang enday, pan mang
enday nu gaduh
artosna”
Bapa : ”Muhun pa
lurah, hatur nuhunnya pa, abdi ayeuna bade mios heula,
assalamualikum”
Pa lurah : ”Muhun mang enday sami-sami, wa’alaikumsalam”
Di jalan
bapa,ema,sareng cinot ngomongkeun perkara hadiah mobil
Bapa : ”Ema kumaha iyeu, urang kudu
ngirim duit 10 juta ka agenna, ti mana coba ema?”
Ema : ”Ih bapa,
atuh diical weh sawah urang”
Bapa : ”Maenya, urang
kudu ngical sawah emaa..!”
Ema : ”Atuh enya bapa, bapa hayang teu
gaduh mobil? Ngke mah nu bagja saha? urang keneh pa”
Bapa : ”Nya entos atuh, ngke diical
sawahna ku bapa, engke mun tos beres bapa langsung kirim artos ka agenna”
Bapa cinot
atos ngical sawahna, sareng atos ngirimkeun artos ka agenna, tinggal ngantosan
hadiah mobilna.
Bapa : ”Ema, ku bapa artosna tos dikirim ka agenna”
Ema : ”Enya pa, ih ayeuna urang boga mobilnya pa”
Cinot : ”Ye...ye... cinot gaduh mobil, cinot gaduh mobil..!”
Bapa : ”Bungah pan mun tos diturutkeun mah!”
Cinot : ”Enya, hatur nuhun bapa”
Pas kaping 30,
bapa, ema, sareng cinot tos nungguan bae, tapi hadiah mobilna teh teu
datang-datang.
Ema : ”Mana iyeu bapa mobilna teh, atos sonten kieu
piraku can datang-datang”
Bapa : ”Enya ma, mana nyah, ko can datang-datang?”
Cinot :
”Ih, bapa, ema mana iyeu mobil cinot ko can datang? Cinot tos teu sabar yeuh”
Bapa :
”Sakedap atuh, tungguan heula”
Cinot :
”Ih cinot tos teu sabar oge!”
Bapa, ema,
sareng cinot tos nungguan ti kaping 30, tapi nepi ka kaping 3, eta mobil teh
teu acan datang.
Bapa :
”Kumaha iyeu hadiah mobil teh, ko can datang-datang, iyeu teh tos langkung ti
kaping 30”
Ema :
”Enya atuh bapa, ieu teh kumaha?”
Bapa :
” Kieu weh, urang ayeuna wawartos deui ka pa lurah”
Ema :
”Enya atuh hayu”
Bapa, ema, sareng cinot ka bumina pa lurah, bade nyarioskeun perkara hadiah
mobil anu teu acan datang-datang.
Bapa : ”Assalamualaikum.. punten pa
lurah”
Teu
lami pa lurah datang
Pa lurah : ”Wa’alaikumsalam, aya naon mang
enday?”
Bapa :
”Kieu pa lurah, abdi kadieu teh bade nyarioskeun perkara hadiah mobil tea, pan
saur agena hadiah teh bade dikirim kaping 30, ayeuna teh tos kaping 3 tapi
hadiah mobilna ko teu acan datang-datang nya?”
Pa lurah :
”Euleuh naha kitu atuh? Mang enday tos ngirimkeun acisna teu acan?”
Bapa :
”Atos pa, dikirim 10 juta, abdi gek dugi ka ngical sawah”
Cinot :
”Ih ema kumaha atuh ieu teh, maenya cinot teu jadi boga mobilna?”
Ema :
”Ih cinot, atos atuh ulah ceurik, ulah ngisinkeun wae cinot mah”
Pa lurah :
”Tos atuh pa, kieu weh ayeuna mah, telepon deui wae agenna, tanyakeun
penjelasanana”
Bapa
nelepon
Bapa :
”Halo assalamualaikum”
Agen :
”Wa’alaikumsalam, punten ieu sareng saha?”
Bapa :
”Ieu abdi enday, anu kamari menang hadiah mobil, tina ciki Jaka”
Agen :
”Punten bapa, ti dieu mah teu ngayakeun hadiah naon-naon”
Bapa :
”Kumaha sih, abdi atos ngirimkeun artos 10 juta ka agen ciki Jaka, kamari agena
menta artos sakitu, terus ayeuna kumaha atuh?”
Agen :
”Ih atuh abdi mah teu terang bapa nelepona ka saha, ngirimkeun artosna ka
rekening mana, abdi mah teu narima artosna”
Bapa :
”Aduh... kumaha atuh ieu, sawah abdi tos dijual, artosna tos dikirim”
Agen :
”Bapa teh nuju curhat ka abdi? Atos wae atuh nya pa, paerkawis hadiah mah abdi
teu terang, assalammualaikum”
Sabari nutup telepona, bapa teh ceurik
Bapa :
”Haduh... ya alloh gusti nu agung.. kumaha ieu!”
Ema, cinot, sareng pa lurah nyamperkeun bapa
Ema :
”Naha ari si bapa kokosodan kitu?”
Bapa :
”Urang katipu ma!!”
Cinot :
”Naon bapa?? Urang katipu??”
Ema :
”Maneh sih cinot gara-garana, jadi kieu pan ayeuna..!”
Cinot :
”Emaaaa...........”
Pa lurah :
”Tos.. sing sabar nya, ieu teh ujian ti gusti alloh”
Ahirna keluarga mang enday teh katipu ku agen ciki Jaka.
Sorry TYPO =)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar